Lais téh kasenian anu mintonkeun kamonésan. Ari kamonésanana deukeut-deukeut kana akrobat. Dina prungna pagelaran lais, dipasang dua tihang gombong anu jangkungna kira-kira 13 méter sarta tungtung-tungtungna dipentang ku tambang atawa tali. Ari anggang tihangna kira-kira genep méteran. Tah anu lais téh sok ngayakeun akrobat dina éta tambang, bari jeung teu sieuneun tijuralit atawa ragrag. Siga jalma anu keur meuntas catang baé.

Mimitina anu lais téh nérékél kana Congo gombong, tuluy anjeucleu dina tambang. Sabada muka baju, tuluy muka payung bari dipuir-puir. Ka dituna mah rupa-rupa atraksi dipintonkeun. Upamana jujuralitan, sila tutug, napak ku suku sabeulah, atawa nangkarak bengkang , luhureun tambang. Puguh baé pi keun anu kakara nempo mah matak gegebegan. Teu kitu kumaha da atraksina sakitu pikapaureunana., Apan tambangna gésakitu jangkungna. continue reading…